Di Stasion
Anne A. Permatasari
Teu kahaja mimitina
mah, kuring panggih di stasion basa rek nganteurkeun lanceuk nu pindah ka Jawa
Timur.
“Emut keneh ka abdi, Bu?” pokna bari
nyolongkrong sasalaman. Ku kasep eta jelema teh.Awakna dedeg, pakulitanana
koneng, imutna matak resep anu ninggali.Utamana basana… aduh meni asa manggih
naon, tuluy nu utamana mah, eta jelema teh jeung nanya ka kuring.
“Aeh… saha ieu teh?” jawab kuring deg-degan
bari gap narima leungeunna tuluy nelek-nelek. Asa aya keureut nu nyesa, asa
geus loma malah.“ Abdi Bu, murid Ibu waktos di SMP….” Pok na deui. Gebeg teh
kuring ngaronjag.“ Dudi ieu teh?”. Teu karasa leungeun nu can lesot
mereket. “Muhun Bu…”.Walonna deui. Duh
teu nyangka ieu budak….
******************
Mun
teu salah geus ampir 15 taun katukang. Mimiti kuring ngalalanyah ngajar jadi
guru di salah sahiji SMP swasta di kota kalahiran. Harita karek kaluar ti SMA
kuring teh, tuluy neruskeun sakola di perguruan tinggi di lembur oge. Kabeneran
aya tatangga nu ngiberan, yen di hiji SMP Swasta merlukeun tanaga guru. Kangaranan sakola leutik jeung anyar,
moal bisa mere honor nu gede , teu siga ayeuna, baheula mah honor teh teu cukup
keur ongkos-ongkos acan. Jajauheun aya KJM, pengganti transfor, komo jeung nepi
kabisa ngilu uji sertifikasi sagala,
siga ayeuna.
Tapi
pikiran kuring harita, keun we leutik ge da rek diajar, ngalalanyah bisi jaga
jagi guru, ari perkara ongkos mah dan da indung jeung bapa ge teu weleh mekelan
gede.
Si
Dudi the geus kelas III harita teh jadi sabenerna mah teu pernah kaajar. Tapi
teuing kumaha mimitina, Mun kuring ngaliwatan ka kelas manehna, babaturanana
tinggarereneng, malah sakali mangsa mah sok aya
nu ngajorowok “ Bu… ieu Dudi!”.
Si
ketua OSIS teh ukur ngabelenyeh imut.Tapi beungeutna mah katara beureum euceuy.
Ah dasar barudak. Kukuring ge tara pati dipalire. Keun we ogo meuereunan. Mun
ninggali pangadegan si Dudi harita, nya
kasep jeung pinter, teu burung we kuring ge rada GR. Da lamun diitung-itung mah
beda umur teh ngan ukur 3 tahun, lian ti eta, umur kuring ge keur meujeuhna
puber.
Katarana,
si Dudi sanajan wanter teh ari panggih jeung kuring teh sok jadi eraan.Komo
guru nu liana sok ngagonjak supaya nepungan kuring.Aya wae alesan sangkan teu
jadi.Alatan eta oge, guru laina sok ngagonjak ka kuring, bubuhan guru pangorana
deuih.“ Pimajueun budak teh Neng… ulah waka nikah, antosan we geura sakedap
deui…” pok na bari ngagonjak. Sanajan
kuring teu ngarasa kasinggung da asa ka kolot atawa ka lanceuk sorangan,
ari digonjak kitu mah sok asa rada kesel oge. Najan kuring lengoh, ari kudu
nungguan murid mah, bet asa ke heula anan.
Kajadian
nu teu disangka mah, basa waktu perpisahan arulin ka Situ Patenggang.Teuing
kumaha kajadianana, bet kuring bisa paduduaan jeung Dudi. Si kasep teh teu
kuhanteu bet ngedalkeun eusi hatena yen manehna teh neundeun hate ka kuring,
pok na teh “ Punten nya Bu…Abdi ngangken ibu teh guru abdi,nanging peraosan
abdi ieu teh teu tiasa kahalangan ku status. Manawi wae… ibu kersa ngantos.
Jaga abdi janji bade nepangan ibu deui.” Pokna meni wanter.
Beg
hate ngagebeg. Leketey the rasa anu salila ieu dipusti-pusti sangkan ulah
kaboleerkeun, teu bisa dijaga deui.
Kumaha atuh ari ngajaga hate teh?
Ngan
ari adatna urang, moral teu weleh dijunjung luhur- da eta nu ngabedakeun jelema
jeung sato.Sakumaha ge enya aya rasa lain kuring ka manehna, kuring teu wani
kedal. Teu pantes teuing mun guru jeung murid aya hubungan kumaha lazimna awewe
jwung lalaki.Nu kaluar teh ngan ukur “ Dudi… hidep teh panjang keneh lalakon, boa
teuing kamana lengkahna. Lamun ti ayeuna geus pondok hate kieu, moal teuing
bakal maju. Ibu teu tiasa Dud, ibu mah tos aya nu ngantosan…” Pok teh teu eleh
lancar dibarengan ku tangungjawab.Dudi teu ngajawab, ngan ngabetem.Ti harita
kuring teu pernah panggih deui jeung manehna.
Heuleut
ti harita, sabada kuring rengse kuliah, Kuring ditanyaan ku Kang Rahman. Lalaki
anu bener-bener mampu jadi lalaki sajati
keur kuring.
*************
“Bu…” gorowok teh sora budak muyarkeun
lamunan kuring.Sot leungeun nu dikeukeuweuk teh dilesotkeun.Aria- anak kuring
jeung kang Rahman ngajanteng tukangeun kuring. Sadar kana situasi, kuring
buru-buru nyekel leungeung salaki
kuring. “ Eh… Kang, nepangkeun ieu Dudi, murid ibu kapungkur”, pok teh bari asa
kabur pangacian. Dua lalaki nu sarua dedegna, pahareup-harup silih solongkrong
sasalaman. Duanana aya dina hate kuring, bedana nu hiji mah ngan ukur jadi harepan, nu hiji deui mah geus jadi
beulahan ati anu dipicinta taya wates wangenna.
Imut
Kang Rahman nu ngabageakeun “murid kuring” teh meni amis tur ngajadikeun kuring
era parade. Ah… hapunten Kang, ampun Gusti… bilih wae, aya sajorelat rasa nu
ngolebat antara kuring jeung Dudi.
Kang
Rahman mah bener beresih hatena,sanajan
katinggali kumaha teu puguhna sikap kuring duaan tuluy ngabandingkeun yen teu
beda jauh umur kuring tiluan, manehna bisa nempatkeun diri. Bari ngaleng kana
tonggong Dudi, manehna nanya” Bade angkat ka mana, Yi?”
“Eh… ieu jajap pun biang mulih ka Jogja
sareng pun bojo “, jawab Dudi “ Sakedap… palih dieu geura”, pok na deui bari
ngagupay ka tukangeung kuring.
Ret kuring ngareret
ka tukang. Ari beg teh,kuring meni ngajenghok. Nu diteuteup teh… teu miceun
sasieur oge. Eta teh bet beungeut kuring sorangan.
(terbit
Garut Express,Juni 2012)
*********************************************
Tidak ada komentar:
Posting Komentar